19.18.00

Basa Sunda Jeung Poe Basa Indung sa Dunya

Diposting oleh Sukma |

Ku : W.S. Sukmawati M.Pd

Saperti nu kauninga ku urang sadaya, poe kamari saptu ping 21 Ferbuari mangrupa hiji poe nu miboga makna pikeun basa- basa Daerah nu aya di sakuliah dunya kusabab dipieling salaku poe basa indung sadunya. Ngan hanjakalna teu sakabeh masarakat wanoh jeung apal kana ayana poe basa indung teh, samalah di lingkungan atikan saperti guru- guru oge jarang nu apaleun poe kamari teh poe basa Indung sadunya ari lain guru basa daerah mah. Hal eta kawilang wajar ngingetkeun tayana sosialisasi ka masarakat ti pihak nu terkait. Di Jawa barat Basa Indung teh nyaeta Basa Sunda.

Ditilik tina kacamata sajarah , hiji basa lahir kusabab jalma merelukeun hiji alat pikeun komunikasi antar sasamana. Basa Sunda mangrupa basa nu diciptakeun jeung digunakeun ku manusa Sunda dina sagala kaperluan komunikasi kahirupan maranehna. Teu kapaluruh iraha basa Sunda teh gumelarna tapi dumasar kana dokumen tinulis nu kapanggih, basa Sunda teh geus digunakeun dina kahirupan masarakat Zaman karajaan Sunda jeung karajaan Galuh diantarana pikeun nulis teks prasasti jeung naskah dina abad ka-14 nyaeta teks prasasti Kawali nu mangrupa prasasti nu munggaran ngagunakeun basa Sunda kuna oge dina teks naskah nu kapanggih saperti naskah Sanghyang Siksakandang Karesian jeung nu lianna. Saterusna basa Sunda teh hirup kumbuh dina kahirupan masarakatna luyu sajalan jeung kamekaran jaman.

Dina jaman kiwari kalungguhan basa Sunda teh salian mangrupa basa daerah nu ditangtayungan eksistensina ku UUD 1945,oge mangrupa basa indung pikeun sabagian gede masarakat panyatur basa Sunda, ngan bae sanajan kitu pangaruh globalisasi nu mahabu geus ngalatarankeun hirup kumbuhna basa Sunda kiwari aya dina tahap pikahariwangeun kusabab geus loba ditaringgalkeun ku masarakat Sunda sorangan, kaayaan kieu teh lain dina basa Sunda bae tapi ampir sakabeh basa daerah disakuliah dunya. Dumasar kana kondisi samodel kitu, upaya pikeun ngajak ka sakabeh masarakat dunya sangkan daek ngamumule jeung miara basa daerahna masing-masing, ti pihak UNESCO mimiti tanggal 17 November taun 1999 ngarekomendasikeun jeung netepkeun unggal tanggal 21 Februari dipieling salaku “Poe Basa Indung Sadunya”.

Naon ari basa Indung téh? Asalna tina basa Inggris “mother tongue” anu miboga sababaraha definisi diantarana: “Your mother tongue means your birth language, or your mother language” hal éta téh nunjukkeun ’A parent language’ nyaéta basa indung téh hartina basa nu digunakeun ku indung atawa kolot ka anak nu kungsi dikandungna. Definisi séjénna nyaéta “one native language; the language learned by children and passed from generation to the next” nu pihartieunana basa indung téh salah sahiji basa pribumi/asli/basa daérah nu diajarkeun ka barudak sacara turun tumurun ti hiji generasi ka generasi saterusna. Aya ogé definisi séjénna ngeunaan mother tongue nu unina In this case tongue means language. It is called tongue because it is the language spoken by the mother country in which you were born”, nu ieu mah pihartieunana kurang leuwih basa indung téh nyaéta basa daérah nu aya diwewengkon dimana urang dilahirkeun. Nilik kana sababaraha harti tina basa Inggris diluhur, basa indung teh nyaéta basa daérah. Ogé harti séjénna basa nu digunakeun ku indung /kolot ka anakna. Ngan dina palebah dieu ayeuna mah teu bisa dijadikeun katangtuan, sabab réa indung-indung Sunda nu sanajan kulawargana asli sunda jeung cicing di tatar sunda , tara daraékeun ngagunakeun basa Sunda ana nyarita jeung anakna téh. Atuh ku ayana tarekah UNESCO netepkeun poe basa indung sadunya teh ulah mung sakadar aya dina tataran selebrasi wungkul, nga rame dina mangsa mieling poena wungkul, jadi wacana dina seminar-seminar atawa riungan tapi kudu karasa implikasina kana kahirupan kabasaan nu aya di masarakat.

Tilu komponen nu ngadukung kamajuan hirup huripna basa Sunda teh, nya eta:

Kahiji, pamarentah. Ampir tiap daerah di Indonesia geus miboga Perda nu tujuanana pikeun miara jeung ngamumule basa salaku warisan budaya ti karuhun. Di Wilayah Jawa Barat panangtayungan Basa Sunda teh aya dina Peraturan Daerah Propinsi Jawa Barat No. 5 Tahun 2003 ngeunaan miara Basa, Sastra, dan Aksara Daerah. Ku ayana Perda ieu teh dipiharep bakal leuwih tembres wates-wates jeung nilai-nilai budaya nu sakuduna direvitalisasi diluyukeun jeung kondisi jaman kiwari. Tapi ku urang perelu diingetkeun yen Perda teh bisa jadi ngan saukur tulisan tanpa makna upama teu jelas implementasina, saperti euweuhna tindakan nu ngadukung kapentingan ngamumule, miara jeung ngamajukeun basa Sunda sacara komprehensif jeung konsisten. Pamarentah geus sawadina mere conto ka masarakat dina upaya ngaronjatkeun pamakean basa Sunda teh diantarana dina ngagunakeun basa Sunda nu hade tur merenah teh kudu dicontoan heula ku pajabat ka masarakatna, mere kasempetan apresiasi jeung pangleler dina ngagunakeun basa Sunda nu hade jeung endah boh dina ragam lisan boh tinulis ka masarakat ngaliwatan pasanggiri- pasanggiri boh pembinaan jeung pelatihan nu geus tangtu waragadna ti pamarenth nu bisa didelegasikeun ka dinas-dinas kasabit saperti dinas pendidikan sarta dinas kabudayaan jeung pariwisata.

Kadua, Sakola. Salah sahiji upaya miara, ngamumule jeung pembinaan basa Sunda teh ngaliwatan pangajaran nu aya di sakola. Basa Sunda teh jadi mata pelajaran Muatan lokal (Mulok) wajib di Jawa Barat mimiti ti tingkat TK/RA nepika tingkat SMA/SMK/MA. Dina panduan kurikulum tingkat satuan pendidikan (KTSP) nu dikaluarkeun dina Kaputusan Gubernur Jawa Barat taun 2006 pangajaran basa Sunda teh miboga tujuan sangkan siswa miboga pangaweruh, jeung paham kana basa jeung sastra Sunda boh dina segi wangun, makna jeung fungsina, nu utamana siswa mampu ngagunakeun basa sunda kalawan merenah jeung bener dina kahirupan sapopoe, disagigireun eta pangajaran basa Sunda teh dipiharep mampu nuwuhkeun sikep nu positif ti siswa ka basa jeung sastra Sunda nepi ka timbul kamampuhan ngamangpaatkeun karya sastra Sunda pikeun mekarkeun kapribadian, wawasan, sarta ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh ngagunakeun basa Sunda. Sababaraha faktor anu ngadukung suksesna pangajaran basa Sunda di sakola diantarana faktor guru, murid, proses, bahan ajar jeung kurikulum.

Katilu, panyatur. Komponen katilu didieu maksudna sakabeh masarakat Sunda nu jadi panyatur basa Sunda. Kasang tukang panyatur basa Sunda dimimitian ti lingkungan kulawarga jeung masarakat. Nu jadi panginditan kamampu basa Sunda munggaran geus pasti ti lingkungan kulawarga, ngan hanjakal saperti nu geus kasabit diluhur, kiwari beuki ngurangan kulawarga Sunda anu nyatur sapopoena ngagunakeun basa Sunda utamana dikalangan nonoman, istilah basa indung nu ditundung jeung dipaehan ku indungna sorangan teh mimiti kabuktian ku mahabuna gejala barudak sunda nu ti barang gubrag kaalam dunya teu diwarah ngomong basa Sunda tapi dicekokan ngomong ku basa malayu nepika barudak teu apal dibasa indungna sorangan jeung nu antukna teu mibanda rasa kareueus kana basa Indungna salaku basa warisan karuhun nu luhung , sikep kolot-kolot kiwari kitu teh dumasar kana sababaraha alesan boh sieun salah ngomong basa sunda, boh kasieunan barudak katinggaleun pangajaran basa Indonesia di sakola atawa anggapan basa Sunda teh basa nu kurang gengsina jeung kampungan. faktor lingkungan oge mibanda pangaruh nu gede pikeun kamekaran basa Sunda teh. Geus kamalum kondisi kiwari masarakat Sunda teh sifatna heterogen, utamana nu aya di kota-kota, tapi saupama akses pembinaan jeung pengembangan bahasa tetep dijaga jeung dironjatkeun geus tangtu bakal cukup ngadukung kamekaran basa Sunda contona bae ngaliwatan media citak, sarta siaran radio jeung televisi. Geus sakuduna dilobaan acara-acara boh dina radio atawa televisi anu siaranana teh ngagunakeun basa Sunda kalawan kualitas siaran nu sarua jeung siaran radio atawa tipi nasional, disagedengeun eta nu teu eleh pentingna akses kasenian nu gampang pikeun masarakat bisa ngadukung kana kamekaran basa Sunda, ku sabab kasenian bisa jadi salah sahiji media pikeun ngawanohkeun basa Sunda.

Kacindekan tina ieu tulisan ku ayana kawijakan anu ditetepkeun ku pamarentah geus jelas saperti Perda ngeunaan basa Sunda eta, oge tarekah dukungan ti organisasi internasional saperti UNESCO geus aya, ayeuna mah kari ka sakumna warga Jawa barat diperedih kadariaanana jeung tindak nyata dina upaya miara jeung ngamumule basa Sunda teh sangkan basa Sunda bisa hirup bari huripna, nanjung, waluya dina ngigelan kamajuan jaman. kapan aya ungkara “Basa teh Ciciren Bangsa”. Basa Sunda nanjung ciri seler Sunda oge nanjung tapi lamun leungit basa Sunda tandana leungit identitas seler Sunda