19.18.00

Basa Sunda Jeung Poe Basa Indung sa Dunya

Diposting oleh Sukma |

Ku : W.S. Sukmawati M.Pd

Saperti nu kauninga ku urang sadaya, poe kamari saptu ping 21 Ferbuari mangrupa hiji poe nu miboga makna pikeun basa- basa Daerah nu aya di sakuliah dunya kusabab dipieling salaku poe basa indung sadunya. Ngan hanjakalna teu sakabeh masarakat wanoh jeung apal kana ayana poe basa indung teh, samalah di lingkungan atikan saperti guru- guru oge jarang nu apaleun poe kamari teh poe basa Indung sadunya ari lain guru basa daerah mah. Hal eta kawilang wajar ngingetkeun tayana sosialisasi ka masarakat ti pihak nu terkait. Di Jawa barat Basa Indung teh nyaeta Basa Sunda.

Ditilik tina kacamata sajarah , hiji basa lahir kusabab jalma merelukeun hiji alat pikeun komunikasi antar sasamana. Basa Sunda mangrupa basa nu diciptakeun jeung digunakeun ku manusa Sunda dina sagala kaperluan komunikasi kahirupan maranehna. Teu kapaluruh iraha basa Sunda teh gumelarna tapi dumasar kana dokumen tinulis nu kapanggih, basa Sunda teh geus digunakeun dina kahirupan masarakat Zaman karajaan Sunda jeung karajaan Galuh diantarana pikeun nulis teks prasasti jeung naskah dina abad ka-14 nyaeta teks prasasti Kawali nu mangrupa prasasti nu munggaran ngagunakeun basa Sunda kuna oge dina teks naskah nu kapanggih saperti naskah Sanghyang Siksakandang Karesian jeung nu lianna. Saterusna basa Sunda teh hirup kumbuh dina kahirupan masarakatna luyu sajalan jeung kamekaran jaman.

Dina jaman kiwari kalungguhan basa Sunda teh salian mangrupa basa daerah nu ditangtayungan eksistensina ku UUD 1945,oge mangrupa basa indung pikeun sabagian gede masarakat panyatur basa Sunda, ngan bae sanajan kitu pangaruh globalisasi nu mahabu geus ngalatarankeun hirup kumbuhna basa Sunda kiwari aya dina tahap pikahariwangeun kusabab geus loba ditaringgalkeun ku masarakat Sunda sorangan, kaayaan kieu teh lain dina basa Sunda bae tapi ampir sakabeh basa daerah disakuliah dunya. Dumasar kana kondisi samodel kitu, upaya pikeun ngajak ka sakabeh masarakat dunya sangkan daek ngamumule jeung miara basa daerahna masing-masing, ti pihak UNESCO mimiti tanggal 17 November taun 1999 ngarekomendasikeun jeung netepkeun unggal tanggal 21 Februari dipieling salaku “Poe Basa Indung Sadunya”.

Naon ari basa Indung téh? Asalna tina basa Inggris “mother tongue” anu miboga sababaraha definisi diantarana: “Your mother tongue means your birth language, or your mother language” hal éta téh nunjukkeun ’A parent language’ nyaéta basa indung téh hartina basa nu digunakeun ku indung atawa kolot ka anak nu kungsi dikandungna. Definisi séjénna nyaéta “one native language; the language learned by children and passed from generation to the next” nu pihartieunana basa indung téh salah sahiji basa pribumi/asli/basa daérah nu diajarkeun ka barudak sacara turun tumurun ti hiji generasi ka generasi saterusna. Aya ogé definisi séjénna ngeunaan mother tongue nu unina In this case tongue means language. It is called tongue because it is the language spoken by the mother country in which you were born”, nu ieu mah pihartieunana kurang leuwih basa indung téh nyaéta basa daérah nu aya diwewengkon dimana urang dilahirkeun. Nilik kana sababaraha harti tina basa Inggris diluhur, basa indung teh nyaéta basa daérah. Ogé harti séjénna basa nu digunakeun ku indung /kolot ka anakna. Ngan dina palebah dieu ayeuna mah teu bisa dijadikeun katangtuan, sabab réa indung-indung Sunda nu sanajan kulawargana asli sunda jeung cicing di tatar sunda , tara daraékeun ngagunakeun basa Sunda ana nyarita jeung anakna téh. Atuh ku ayana tarekah UNESCO netepkeun poe basa indung sadunya teh ulah mung sakadar aya dina tataran selebrasi wungkul, nga rame dina mangsa mieling poena wungkul, jadi wacana dina seminar-seminar atawa riungan tapi kudu karasa implikasina kana kahirupan kabasaan nu aya di masarakat.

Tilu komponen nu ngadukung kamajuan hirup huripna basa Sunda teh, nya eta:

Kahiji, pamarentah. Ampir tiap daerah di Indonesia geus miboga Perda nu tujuanana pikeun miara jeung ngamumule basa salaku warisan budaya ti karuhun. Di Wilayah Jawa Barat panangtayungan Basa Sunda teh aya dina Peraturan Daerah Propinsi Jawa Barat No. 5 Tahun 2003 ngeunaan miara Basa, Sastra, dan Aksara Daerah. Ku ayana Perda ieu teh dipiharep bakal leuwih tembres wates-wates jeung nilai-nilai budaya nu sakuduna direvitalisasi diluyukeun jeung kondisi jaman kiwari. Tapi ku urang perelu diingetkeun yen Perda teh bisa jadi ngan saukur tulisan tanpa makna upama teu jelas implementasina, saperti euweuhna tindakan nu ngadukung kapentingan ngamumule, miara jeung ngamajukeun basa Sunda sacara komprehensif jeung konsisten. Pamarentah geus sawadina mere conto ka masarakat dina upaya ngaronjatkeun pamakean basa Sunda teh diantarana dina ngagunakeun basa Sunda nu hade tur merenah teh kudu dicontoan heula ku pajabat ka masarakatna, mere kasempetan apresiasi jeung pangleler dina ngagunakeun basa Sunda nu hade jeung endah boh dina ragam lisan boh tinulis ka masarakat ngaliwatan pasanggiri- pasanggiri boh pembinaan jeung pelatihan nu geus tangtu waragadna ti pamarenth nu bisa didelegasikeun ka dinas-dinas kasabit saperti dinas pendidikan sarta dinas kabudayaan jeung pariwisata.

Kadua, Sakola. Salah sahiji upaya miara, ngamumule jeung pembinaan basa Sunda teh ngaliwatan pangajaran nu aya di sakola. Basa Sunda teh jadi mata pelajaran Muatan lokal (Mulok) wajib di Jawa Barat mimiti ti tingkat TK/RA nepika tingkat SMA/SMK/MA. Dina panduan kurikulum tingkat satuan pendidikan (KTSP) nu dikaluarkeun dina Kaputusan Gubernur Jawa Barat taun 2006 pangajaran basa Sunda teh miboga tujuan sangkan siswa miboga pangaweruh, jeung paham kana basa jeung sastra Sunda boh dina segi wangun, makna jeung fungsina, nu utamana siswa mampu ngagunakeun basa sunda kalawan merenah jeung bener dina kahirupan sapopoe, disagigireun eta pangajaran basa Sunda teh dipiharep mampu nuwuhkeun sikep nu positif ti siswa ka basa jeung sastra Sunda nepi ka timbul kamampuhan ngamangpaatkeun karya sastra Sunda pikeun mekarkeun kapribadian, wawasan, sarta ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh ngagunakeun basa Sunda. Sababaraha faktor anu ngadukung suksesna pangajaran basa Sunda di sakola diantarana faktor guru, murid, proses, bahan ajar jeung kurikulum.

Katilu, panyatur. Komponen katilu didieu maksudna sakabeh masarakat Sunda nu jadi panyatur basa Sunda. Kasang tukang panyatur basa Sunda dimimitian ti lingkungan kulawarga jeung masarakat. Nu jadi panginditan kamampu basa Sunda munggaran geus pasti ti lingkungan kulawarga, ngan hanjakal saperti nu geus kasabit diluhur, kiwari beuki ngurangan kulawarga Sunda anu nyatur sapopoena ngagunakeun basa Sunda utamana dikalangan nonoman, istilah basa indung nu ditundung jeung dipaehan ku indungna sorangan teh mimiti kabuktian ku mahabuna gejala barudak sunda nu ti barang gubrag kaalam dunya teu diwarah ngomong basa Sunda tapi dicekokan ngomong ku basa malayu nepika barudak teu apal dibasa indungna sorangan jeung nu antukna teu mibanda rasa kareueus kana basa Indungna salaku basa warisan karuhun nu luhung , sikep kolot-kolot kiwari kitu teh dumasar kana sababaraha alesan boh sieun salah ngomong basa sunda, boh kasieunan barudak katinggaleun pangajaran basa Indonesia di sakola atawa anggapan basa Sunda teh basa nu kurang gengsina jeung kampungan. faktor lingkungan oge mibanda pangaruh nu gede pikeun kamekaran basa Sunda teh. Geus kamalum kondisi kiwari masarakat Sunda teh sifatna heterogen, utamana nu aya di kota-kota, tapi saupama akses pembinaan jeung pengembangan bahasa tetep dijaga jeung dironjatkeun geus tangtu bakal cukup ngadukung kamekaran basa Sunda contona bae ngaliwatan media citak, sarta siaran radio jeung televisi. Geus sakuduna dilobaan acara-acara boh dina radio atawa televisi anu siaranana teh ngagunakeun basa Sunda kalawan kualitas siaran nu sarua jeung siaran radio atawa tipi nasional, disagedengeun eta nu teu eleh pentingna akses kasenian nu gampang pikeun masarakat bisa ngadukung kana kamekaran basa Sunda, ku sabab kasenian bisa jadi salah sahiji media pikeun ngawanohkeun basa Sunda.

Kacindekan tina ieu tulisan ku ayana kawijakan anu ditetepkeun ku pamarentah geus jelas saperti Perda ngeunaan basa Sunda eta, oge tarekah dukungan ti organisasi internasional saperti UNESCO geus aya, ayeuna mah kari ka sakumna warga Jawa barat diperedih kadariaanana jeung tindak nyata dina upaya miara jeung ngamumule basa Sunda teh sangkan basa Sunda bisa hirup bari huripna, nanjung, waluya dina ngigelan kamajuan jaman. kapan aya ungkara “Basa teh Ciciren Bangsa”. Basa Sunda nanjung ciri seler Sunda oge nanjung tapi lamun leungit basa Sunda tandana leungit identitas seler Sunda

Ku, W.S. Sukmawati M.Pd
“Basa téh cicirén bangsa” , éta hiji ungkara anu nuduhkeun yén basa téh mangrupa ciri hiji bangsa. Naon nu ngabédakeun urang Sunda, urang batak, urang jawa, jeung séké sélér lainna di Indonésia? Tangtu salian masing- masing miboga kabudayaan nu mandiri, nu panggancangna kaciri téh tina basana, nyaéta basa nu digunakeun di wewengkon atawa lingkungan hiji sélérbangsa jeung nu digunakeun ku sélérbangsa éta baé. Pon kitu deui basa Sunda nyaéta basa nu digunakeun ku masarakat sélér bangsa sunda nu hirup kumbuh di tatar sunda samalah aya ogé anu disaluareun wewengkon tatar sunda.
Di wewengkon Jawa Barat , keur sabagian gedé masarakatna aya kamungkinan basa Sunda téh mangrupa basa Indung. Naon ari basa Indung téh? Asalna tina basa Inggris “mother tongue” anu miboga sababaraha definisi diantarana: “Your mother tongue means your birth language, or your mother language” hal éta téh nunjukkeun ’A parent language’ nyaéta basa indung téh hartina basa nu digunakeun ku indung atawa kolot ka anak nu kungsi dikandungna. Definisi séjénna nyaéta “one native language; the language learned by children and passed from generation to the next” nu pihartieunana basa indung téh salah sahiji basa pribumi/asli/basa daérah nu diajarkeun ka barudak sacara turun tumurun ti hiji generasi ka generasi saterusna. Aya ogé definisi séjénna ngeunaan mother tongue nu unina In this case tongue means language. It is called tongue because it is the language spoken by the mother country in which you were born”, nu ieu mah pihartieunana kurang leuwih basa indung téh nyaéta basa daérah nu aya diwewengkon dimana urang dilahirkeun. Nilik kana sababaraha harti tina basa Inggris diluhur, basa indung teh nyaéta basa daérah. Ogé harti séjénna basa nu digunakeun ku indung /kolot ka anakna. Ngan dina palebah dieu ayeuna mah teu bisa dijadikeun katangtuan, sabab réa indung-indung Sunda nu sanajan kulawargana asli sunda jeung cicing di tatar sunda , tara daraékeun ngagunakeun basa Sunda ana nyarita jeung anakna téh.
Hal éta kamungkinan ku ayana anggapan basa Sunda téh ajénna sahandapeun basa Indonesia jeung jauh sahandapeun basa Inggris atawa basa asing lianna. Saupama kabeh indung jeung bapa urang Sunda geus teu daraékeun deui ngagunakeun basa sunda jeung barudakna, tangtu kahareupna basa Sunda téh moal aya nu ngagunakeun deui dina kahirupa sapopoé, mun geus kitu basa Sunda téh geus tangtu kana paéhna.
Kalungguhan basa Indung saperti kitu téh lain ngan saukur kaalaman ku basa Sunda wungkul tapi ogé ku basa-basa indung séjénna di sakuliah dunya, nu ti taun ka taun narungtutan laleungitan. Hal éta ngajadi kahariwang balaréa nepika United National, Scientifik, and Cultural Organization (UNESCO), badan PBB dina widang élmu pangaweruh jeung kabudayaan , ti mimiti 17 Novémber 1999 geus netepkeun 21 Februari sabagé Poé Indung Internasional. Tina ieu program téh UNESCO umajak sangkan sapoé éta mah nyaéta tanggal 21 Februari sakumna masarakat dunya ngagunakeun basa daérahna/basa indungna masing-masing.
Mun dilenyepan, basa téh mangrupa kurnia Illahi nu taya hinggana, jadi geus sawajarna mun urang nu mibanda hiji basa, kudu boga kasadaran pikeun ngamumulé jeung ngarumat basa sangkan henteu leungit kitu baé. Lamun nilik kana kagunaana basa téh miboga kagunaan (fungsi) sabagé alat komunikasi dina nepikeun kahayang, karep, jeung parasaan nu tangtu baé aya maksud jeung tujuanana, diantarana nyaéta:
1. Kagunan Kognitif. Tegesna basa téh digunakeun pikeun nepikeun élmu pangaweruh.
2. Kagunan Konatif/Persuasif. Tegesna basa téh digunakeun pikeun mangaruhan batur, supaya nurut kana kahayang nu nyarita.
3. Kagunaan Estetis. Tegesna basa téh digunakeun pikeun ngagambarkeun rasa kaéndahan (stilistika).
4. Kagunan Fatis. Tegesna nuwuhkeun rasa kataji (hormat, simpatik). Carana nyaéta bisa nyusun kecap, intonasi jeung rétorika (élmu nyarita).
Dina raraga miara hirup huripna basa Sunda , pamaréntah daérah Jawa Barat geus ngaluarkeun Pérda Provinsi Jawa Barat no. 5 taun 2003 nu eusina Pamaréntah nagtayungan jeung miara basa, budaya katut aksara Sunda. Tangtu baé teu cukup ngan saukur ayana Pérda tapi ogé kudu dibarengan ku gawé bareng antara sakabéh masarakat Sunda dina nanjeurkeun ajén inajén basa Sunda téh. Tina Sumber wikipédia. Org nyebutkeun yen basa Sunda téh digunakeun ku 15 nepi ka 27 juta urangna di Jawa Barat, jumlah ieu téh kaitung saeutik mun dibandingkeun jeung populasi padumuk di Jawa Barat nu lobana 39.130.756. Kanyataan nu kudu sagancangna disanghareupan jeung dibebener ku sakabéh masarakat Sunda.

Masalah Basa Sunda di kalangan Rumaja Bogor
Sanajan can aya survéy nu pasti karék ngan saukur panitén salila dumuk di kota bogor asana téh basa Sunda geus teu pati populér pangpangna mah di kalangan para rumaja utamana rumaja nu dumuk di kota, ari rumaja nu aya didésa-desa mah masih kénéh loba nu maké basa Sunda sanajan nungtutan narurutan maké basa Indonesia nu kadangkala direumbeuy ku basa asing (Inggris) sagala. Asa arang langka ngadéngé boh di sakola, di angkot, di masjid, di Mall, di terminal, di pasar,di tempat wisata atawa dimana baé rumaja nu daék ngagunakeun basa Sunda keur basa campur gaul sapopoé. Kaayaan kitu téh bakal ngabalukarkeun ayana pegat komunikasi (eureunna) dina nyarita basa Sunda, Hal ieu téh disababkeun ku sababaraha faktor. Nu kahiji di lingkungan kulawarga maranehna geus teu daraékeun ngagunakeun basa Sunda salaku basa Indung, kaayaan kitu téh saperti geus diterangkeun di luhur ku ayana sikep ti papada kolotna nu geus teu daraek ngajak cumarita ku basa Sunda ka barudakna (ari lain betus rasa dina nyarékan mah!) ku alesan sieun salah, ngarah pinter basa Indonesiana di sakola, jeung réa-réa deui. Nu kadua dina campur gaul di sakola atawa di lingkungan imah jeung masarakat teu ngarojong maranéhna para rumaja) pikeun nyarita basa Sunda sacara inténsif.
Titénan ku urang ayeuna, loba sakola-sakola anu miboda English Day maranéhna ngarasa reueus mun geus bisa nerapkeun program ieu téh da ngarasa pangmajuna, pangmodérnna., tapi euweuh sakola anu miboga program Poe nyarita basa Sunda, ku sabab dianggap euweuh gunana. Tapi mun sakola nganggap aya gunana sanajan bari titatarajong ogé dina ngagunakeunana pihak sakola bakal konsisten jeung ngarojong nerapkeun program poé nyarita basa Sunda ieu téh.
Lain ngan saukur di lingkup sakola baé, samalah di lingkungan kantor ogé utamana kantor pamaréntahan geus sawadina lamun aya kawijakan sapoé nyarita basa Sunda. Tangtu hal éta mun dilaksanakeun saeutikna ngilu ngarojong kamekaran basa Sunda di kalangan masarakat, lamun aya anggapan kumaha pagawé nu asalna lain urang sunda, nya ngawayahnakeun waé saetik-eutikeun diajar ka babaturanana ngilu nyarita dina basa Sunda, pan ceuk paribasa ogé pindah cai pindah tampian, bonganna cicing di Sunda nya ngawayahnakeun kudu daek saetik-eutikeun ngagunakeun basa dimana manéhna dumuk atawa bubuara. Tapi teu sautik ogé “pendatang” atawa padumuk nu lain asli sunda mahér dina ngagunakeun/ nyarita basa Sunda malah aya nu nyaritana téh leuwih hadé batan urang Sunda Aslina.
Faktor séjénna nu teu éléh mangaruhan pareumna sumanget rumaja dina ngagunakeun basa Sunda ku euweuhna optimalisasi mangpaat tina téhnologi informasi, contona media éléktronik saperti siaran radio. Hésé pisan manggihan acara dina basa Sunda anu ségménna keur para rumaja, ogé média televisi, lain bohong mun di Bogor mah hésé nangkep siaran TV nu maké basa Sunda samalah Televisi lokal nu dipiharep bisa mopulérkeun basa sunda di kalangan rumaja gé can aya nu prakna makalangan.
Nurutkeun Budayawan Sunda Drs. H. R. Hidayat Suryalaga aya tilu institusi pikeun nuwuhkeun kaparigelan ngagunakeun basa Sunda. Tilu institusi nu dimaksud nya éta institusi formal, informal jeung non formal. Institusi formal, Institusi formal, tegesna atikan basa Sunda di sakola boh sakola negri boh sakola swasta kaasup sakola agama/pasantrén, madrasah ti mimiti TK/TPA nepi ka SMA/SMK/MA jeung paguron luhur. “Ieu mah parantos aya unsur pangrojongna nya éta kurikulum, alokasi waktos, pigurueunana sareng waragadna,” Ari atikan basa Sunda informal nya éta atikan basa Sunda nu dilarapkeun di lingkungan kulawargana séwang-sewangan. Eta kacida gumantung ayana kasadaran ngeunaan pentingna basa/budaya Sunda anu nyampak di unggal kulawarga. Lebah dieu, ceuk Drs. Hidayat, aya kulawarga nu nganggap henteu penting, aya anu biasa-biasa baé, aya ogé nu nganggap kacida pentingna. nuwuhkeun basa Sunda non formal, tegesna nuwuhkeun basa Sunda di masarakat sapopoéna.
Aya alesan saeutikna rumaja Bogor nu daék ngagunakeun basa Sunda téh ku sabab nganggap basa Sunda téh hésé, utamana ku nu disebut Undak-usuk Basa téa. (UUBS). Palebah dieu guru-guru disakola kudu bisa nétélakeun jeung méré kayakinan ka murid-muridna yén dina ngagunakeun basa Sunda tong teuing mikiran sieun salah nu penting mah asal bisa kaharti heula kagunaan (fungsi) komunikasina , saupama geus ngarasa percaya diri (teu era jeung teu sieun salah) dina ngagunakeun basa Sunda sanajan basajan ogé tinggal dilelempeng jeung dibebener kudu kumaha alusna, jeung omat urang ulah cawadan ka batur atawa tong buru-buru ngageunggeureuhkeun mun ngadéngé batur salah dina nyarita basa Sunda teh tapi kudu ngoréksi kalawan lantip jeung arif samalah alusna mah dibarung ku méré tuladan atawa nyontoan bari jeung henteu siga ngaguruan.
Masalah undak- usuk basa téh karasa jadi masalah panggedéna di masarakat kota Bogor mah utamana para rumaja, padahal nu pangpentingna mah biasakeun heula nyarita basa Sunda ngarah urang loba nyangkem kosakata-kosa kata atawa kabeungharan kecap basa Sunda nu éngkéna jadi bekel pikeun kaparigelan ngagunakeun basa Sunda sok komo di Bogor mah mibanda loba kecap wewengkon atawa Dialék nu bisa nambahan kabeungharan jeung kajembaran kecap.
Dina artikelna nu pernah dibaca ku penulis, Budayawan jeung ahli basa Ajip Rosidi, umajak ka sakumna urang Sunda sangkan ngagunakeun basa Sunda lamun nyarita jeung papada urang Sunda. Boh dina riungan atawa dimana baé. Keun baé basa Sunda-na teu luyu jeung undak usuk basa ogé. Lantaran undak usuk basa lain asli Sunda. Umurna gé kakara kurang leuwih saabad satengah. Teu kudu sieun disalahkeun kusabab undak usukna teu bener.
“Anggap baé, kekecapan nu diatur ku undak usuk téh sinonim. Teu kunanaon kalimahna pasoléngkrah, nurutkeun aturan undak usuk. Dapon nyarita dina basa Sunda. Mending kénéh nyarita dina basa Sunda sanajan henteu luyu jeung aturan undak usuk. Manan ku sabab sieun salah, antukna léok deui kana basa Indonesia jeung cul ninggalkeun basa Sunda.
Dina ngungkulan kaparigelan undak usuk basa nu raket kaitanana jeung tatakrama basa tong teuing gurung gusuh dipaksakeun, da ngagunakeun tatakrama basa mah hasil tina diajar, jadi numutkeun Drs. H. R. Hidayat Suryalaga aya carana dina ngagunakeun tatakrama basa téh , nya éta:
1. Sering merhatikeun batur nu basana luyu tur merenah (baik dan benar).
2. Sering maca buku nu bérés susunan basana.
3. Aya sikep kritis waktu maca atawa mun ngabandungan batur nu keur cacarita.
4. Biasakeun nyarita ngagunakeun basa nu luyu tur merenah.
5. Keur latihanana kudu dibiasakeun nyarita ulah rusuh teuing, jadi aya kasempetan pikeun milih jeung nyusun kalimah..
Dina masalah ieu mah tinangtu pihak sakola nu kudu bener-bener ngajarkeun pangaweruh ngeunaan tatakrama basa supaya para rumaja teu nepi ka poékeun kana hal éta.
Lamun urang di masarakat geus rempug jukung babarengan, sareundeuk saigel sabobot sapihanean dina narekahan miara jeung ngamumule basa sunda tinangtu budaya mopohokeun jeung ningalkeun nyarita basa Sunda utamana dikalangan rumaja téh bisa dikurangan.Luyu jeung pedaran Budayawan jeung seniman Bogor Bapa Eman Sulaéman nandeskeun urang ulah poho kana sajarah yen di kota bogor teh tempat nanjeurna kadigjayaan Pakuan atawa karajaan pajajaran anu miboga ajén inajén sajarah budaya nu kacida luhungna, sapantesna mun basa sunda téh tetep dirumat, dimumulé, digunakeun ku sakabéh masarakatna, apanan basa téh tihangna hiji kabubayaan. Jadi kacida pisan ironisna lamun di kota anu tadina kungsi ngadeg karajaan linuhung nu kawentar, nu hartina puseur peradaban manusa Sunda , tapi ari basana mah geus teu payu dipaké ku masarakat kiwari. Kapan lamun geus taya basa nu jadi ciri kabudayaan hiji bangsa hartina leungit ogé sélérbangsa jeung kabudayaanana pikeun salilana. Naha éta jalan nu rék dipilih ku urang sararéa? Walohualam. Cag.

Krisis kebudayaan Sunda di Bogor khususnya kota saat ini sudah terasa sekali dengan ditandai oleh semakin berkurangnya warga masyarakat yang menggunakan bahasa sunda sebagai bahasa pergaulan, dan jarangnya juga kita melihat tampilan berbagai pagelaran kesenian Sunda di tengah masyarakat.
Dinas Pendidikan Nasional Propinsi maupun Kota-Kabupaten di Jawa Barat sesungguhnya telah memberikan peluang berkembangnya kembali kebudayaan sunda dengan dimasukannya sebagai kurikulum muatan lokal yang wajib diajarkan di setiap sekolah mulai dari TK hingga SMA. Namun karena ruang untuk mengekpresikan dan mengapresiasikan bahasa sebagai bagian dari budaya sangatlah terbatas, maka pengetahuan yang didapat di bangku sekolah tentang budaya dan bahasa sunda hanya mengendap didalam diri siswa masing-masing.
Keluarga yang seharusnya menjadi tempat untuk digunakannya bahasa sunda sebagai bahasa pengantar, juga sudah mulai ditinggalkan oleh para orang tua yang sebelumnya menggunakan Bahasa Sunda sebagai bahasa ibunya.
Melihat keadaan yang memprihatinkan seperti ini maka Paguyuban Pasundan Kota Bogor bekerja sama dengan Kampoengbelajar.org dan Radio Sipatahunan 89,4 FM Bogor sedang mengembangkan satu kegiatan yang dimaksudkan untuk menggairahkan kembali penggunaan bahasa dan budaya sunda di Bogor. Kegiatan yang di rancang dengan segmentasi remaja dan pemuda ini akan di wujudkan dengan membentuk Forum Studi Budaya Sunda yang disebut dengan "Raksa Basa".
Forum Studi Budaya Sunda"Raksa Basa" ini merupakan wadah yang akan di kembangkan menjadi tempat berkumpulnya para remaja dalam melakukan aktivitas untuk melestarikan kebudayaan sunda, seperti melalui diskusi tentang kebudayaan Sunda, mempelajari kesenian sunda dan mengangkat kebudayaan sunda sebagai potensi pariwisata daerah.
Bagi para remaja yang berusia 15 sampai dengan 21 tahun dapat bergabung di dalam forum "Raksa Basa" ini dengan cara mendaftarkan diri ke www.kampoengbelajar.org atau kontak telpon di 0251 2796068. Untuk tahap pertama ini panitia hanya menerima pendaftar dengan jumlah yang terbatas mengingat ketersediaan tempat dan fasilitas yang dimiliki masih terbatas pula.
Harapan dari Paguyuban Pasundan tentunya kegiatan ini mendapat dukungan yang maksimal dari semua pihak yang memiliki keprihatinan yang sama serta memiliki kepedulian yang sama pula terhadap Bahasa Sunda.